28 Juli 2009 Tabuh 02:05:33 Sore mulang gawe na angkot nyarande lunges, angin nebak liwat jandela hareup, najan kitu teu aya kereuteug nanaon na, nu k pikiran ngan balik, nepi k pangdumukan, solat teurus reusss ngabaheuhay mangpalerkeun k cape.
Senin, 31 Oktober 2011
Selasa, 25 Oktober 2011
Rizqy' ... Yeu ceuk Bapa
Rizki teh jang'.. nu geus jadi geutih jeung daging.. Tong hariwang leungit atawa leungiteun.. Harta banda can tantu nu urang.. Sadaya kumaha ceuk nu tos ngaturna .. Ayeuna aya isuk euweuh.kudu loba ngarasa sukur ngarah salawasna cukup teu k kurangan.. loba tungkul tong loba tanggah k luhur
Senin, 24 Oktober 2011
Ti abah Keur hideup 'Anaking'
Karek ka baca…
Baheula malam juma’ah 24 Ramadlan 1433H anjeun gubrag ka alam dunya ceurik tarik na jemplingna peuting
Meureun sieun.. Meureun keu’eung….
Siga seunggah ku kanyataan hirup nu bakal karandapan, naha meuren kitu, dunya geus k gambarkeun ti alam sa acan ayeuna
Tong hariwang jang’…
Asal urang pinter bebekeulan, rek hirup sakeudeung atawa lila, inget tong beutah teuing d pangumbaraan bisi poho kana pang balikan
Ngaran Anjeun RIZQY..
Rizki Keur pribadi, keur keluarga bisamah keur alam dunya, ngarah kabeh ngarasaan amisna kabagjaan... ammiin
Di do’akeun…
Sing loba nu weulas asih, jauh tina pancekadan, deukeut rizki jauh balai,
Langganan:
Postingan (Atom)